Abdi teh sanes kumaha-kumaha nganggo basa Sunda. Saur ayah, ayeuna mah sakedik pisan urang Sunda anu nganggo basa Sunda, komo deui di kota. Anu lucu mah, aya dua urang Sunda bade nyaba ka kota. Ari di bumi keneh mah nganggo basa Sunda. Ari tos dugi kota nyariosna basa Indonesia, padahal ngobrolna sareng jalmi nu sami...
Bade naon isin nganggo basa Sunda? Kunaon ari tiasa basa Inggris mani agul?
Kadang abdi mah sok aneh kana pelajaran PPKn. Ngartos abdi mah kunaon ari ngobrol di nu rame mah, komo mun baturna ngan hiji, ulah nganggo basa nu moal dipikaharti ku saurang. Tapi kunaon cing urang Jawa teu isineun ngobrol basa Jawa sareng rencangana?
Urang teh ulah siga urang Amerika. Ti alit tiasana ngan basa Inggris hungkul. Teras jadi agul... Nya Amerika mah “pantes” agul oge. Ari urang? Mana basa Indonesia nu dianggo oge teu bener...
Ieu mah sanes nyarekan atawa naon, saur abdi mah, tong dugi isin nganggo basa Sunda. Keun we disebut orang kampung oge. Da teu dosa iyeuh jadi urang kampung mah.
Abdi oge ngan tiasa 3 bahasa (Indonesia, Sunda, Inggris). Saur abdi mah tiasa kanggo latihan otak supados henteu mintul.